/>

Semua Tentang Reni

July 4, 2006

DONGENG KEUR URANG AUSI

Filed under: Curahan Kalbu

Asa bungah ngadenge ki sobat jadi guru ngaji. leuh kayungyun pisan
keur bageur teh soleh bisa ngaji deuih! Eta teh langka keur jaman kiwari mah!
Enya jaman kiwari mah jaman edun tea, bet boro-boro ngawurukan batur,
ngahaja ngaji ge hese. Komo ieu bari jeung aya di nagara deungeun.
Mudah-mudahan aya rahmat ti Alloh keur ki sobat!

Hey Ki sobat! Kuring boga dongeng yeuh! Omat ulah diseungseurikeun nya?
Kieu cenah dongengna teh. Aya hiji jelema jahat rek ngadon maok ka imah
haji. Jalanna teh ka para da ambeh rikip. Barang geus aya di para, kabeneran
haji teh keur ngobrol jeung anakna parawan geulis anu geus meujeuhna di
kawinkeun. Eta si parawan teh aya ku nurut sagala kumaha bapa. Tah ceuk
haji teh kieu, ” Nyai anaking, bapa mah hayang boga minantu teh ka nu bisa
ngaji, ngarah aya tuturkeuneun nyai jaga!” ari ceuk si nyai teh, sadaya-daya
abdi mah ngiringan kumaha bapa wae.

Tah barang ngadangu kitu teh si jelema anu rek niat jahat tea, jadi teu jadi.
Manehna mikir, dari pada jadi maling mending jadi minantu pa haji, ngan
kumaha carana nya? Enya da rumasa manehna teh teu bisa ngaji!

Tah isukna si jelema teh datang deui ka imah Pa Haji, gaya naker pakeanana
teh, malah make sorban sagala. Tuluy unjuk salam, atuh reuwas Pa haji teh
aya semah anyar panggih, tapi barang nu datang ngabejakeun pamaksudanana
mah nya atoh we nu aya Pa haji teh. Geus kitu mah teu loba carita, der wae
di tes ngaji. Ana tereleng teh quro meni ngeunaheun pisan sorana teh. Ngan asa
beda kadengena. Kieu cenah ngajina teh

” Ayya sallam, serreh bumbu hayyamm kabirro. Tirillling ka pacilingan manggih
kaddaall maaoott, ayya pa hajji tumpakk kudda nna hulluunna” karek oge sakitu
gorowok teh pa haji ngagorowok, naha eta ngaji teh bet kitu? Ti pasantren mana
ari anjeun? Ditanya kitu teh si bangsat kalah ka ngahuleng, bingung pijawabeun.
Karunya nya ari nu teu bisa ngaji! Teu kacaritakeun ditarima henteuna mah tah
si bangsat teh, ngan ieu mah pieunteungeun keur urang yen hirup teh teu cukup
ngan ukur nyeuseup hawa, tapi sakumaha pidawuh Alloh yen urang diciptakeun
teh teu aya sanes iwal keur ibadah!

Tah Ki Sobat, sakitu dongeng ti kuring! Matak kacida bagjana anjeun mah, bisa
ngaji sanajan ngan saukur apal alip bingkeng ceuk paribasana, tapi eta elmu teh
diamalkeun deui ka batur, eta teh bakal jadi obor jaga keur urang. Cag ah!

3 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://renik.blogsome.com/2006/07/04/dongeng-keur-urang-ausi/trackback/

  1. Ha ha ha ha… aduh ibu Reni,kumaha teu meunang seuri, etah dongeng teh meni teu bisa nahan seurina, meni rek wer2………ha ha ha ha…….aya2 wae ci ibu nu bageur mah ..caritana. You r the one who always make me happy darling………

    Comment by Fz — July 5, 2006 @ 10:21 am

  2. Nuhun kana dongengna, meni teu bisa nahan seuri, bisaan ci ibu mah ngareka2 dongeng teh……..kamana comment nu mimiti geuning teu katingal?. Iyeu comment anu kadua kalina…

    Comment by Fz — July 5, 2006 @ 10:32 am

  3. Duuhhh..mentang-mentang Ibu urang Sunda, ieu blog aya seeur basa sundana. Abdi jadi lieur ngebacana. Teu terang arti tiap kata…:-)
    eh…ntar kalo nulis di blog pake basa sunda, di bawahnya dikasih translate-nya ya..he..he..
    Iya ya Bu, jaman sekarang susah nemuin pemuda/i yang cakep, sopan, bageur, pinter ngaji lagi. Waahh, sepertinya sudah jadi barang langka tuh. Tapiii…saya yakin masih banyak kok Bu orang yang kaya gitu. Mungkin kita aja yang belum menemukannya. Punten ya Bu, bukan maksud menggurui. Soalnya saya pernah nemuin sosok seperti itu, udah ganteng, pinter, baik, rajin ibadah, dan pinter ngaji pula.
    Namun saya yakin Ibu juga punya banyak sahabat, temen, ataupun saudara yang istimewa seperti itu. Ataupun jika belum, semoga saja suatu saat Ibu akan menemukannya.

    Comment by bedosithikrapopo — July 7, 2006 @ 2:06 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>


Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Jay of onefinejay.com