/>

Semua Tentang Reni

October 14, 2006

NOSTALGIA RAMADHAN

Filed under: Curahan Kalbu

Duh, asa dosa dina bulan Ramadhan anu geus nincak ka salapan belas poe
kuring can nulis dina blog, padahal bulan puasa teh keur kuring mah bulan
anu kacida dianti-antina. Bulan anu pinuh ku magfiroh ceuk ajengan mah.
Da jeung enyana, rijki teh dina bulan suci mah asa garampang pisan.
Alhamdulillah.

Ngan ari nu rek ditulisdidieu mah lain soal meunang rijkina,
tapi soal nostalgia jaman keur budak, lamun datang bulan puasa.
Lah meni waraas, da nya eta kuring mah atuda geus kawentar
budak nalaktak jeung rada bangor, da eta we bisa puasa bener teh
kakara umur 12 taun. Kacida pisannya. Beda jeung barudak ayeuna,
kaasup anak kuringkakara di TK oge geus sina diajar puasa.
Ngahaja ulah sina ngala ka indung! (more…)

Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Jay of onefinejay.com