ANJEUN
Anjeun lir balebat, nu datang sok sajorelat
Teuing ti mana anjeun asalna, sarta di mana anjeun ayana
Naha di cakrawala megantara di mayapada, atawa di buana
Niskalawastukancana?
Duh, teuing kumaha anjeun teh jirimna, naha jiga Arjuna
Bima atawa Roby Sugara? Palias jiga Rahwana! Ah nu jelas
anjeun cicing na hate kuring, lir angin ririh nu tingtrim
Ngadalingding, nyambuangkeun seungit kembang. Malati
jeung sedep malem nu ligar di pakarangan, pakarangan
hate kuring.

Kumaha mun nu cicing di hate anjeun teh Rahwana, tah rek dikumahakeun?. Naha rek di usir sapajodogan atawa rek di buang ka leuweung balantara atawa rek di mumule siga arjuna? Tah mun rek di usir atawa di buang …..That calls discrimination…….ha ha ha…….
Comment by Rahwana — November 14, 2006 @ 7:23 pm
Haa…ha..ha…, mun enya teh Rahwana, keun we rupana siga rahwana mah asal hatena we siga Arjuna. Aya teu nya Rahwana berhati Arjuna? Eta da nu seueur mah Arjuna berhati Rahwana.
Comment by reni — December 6, 2006 @ 6:39 am