URANG SISINDIRAN YUUUU
Ka mana si kalong hideung
Lami teu katingal manting
Ka mana Si Jangkung Hideung
Tos lami teu ningal kuring
Ka mana ngaitkeun kincir
Ka kaler katojo bulan
Ka mana ngaitkeun pikir
Moal paler ku sabulan
Samping hideung dina bilik
Kumaha nuhurkeunana
Abdi nineung ka nu balik
Kumaha nuturkeunana
Kaso pondok Kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan
Aya meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
Aya listrik di masigit
Caangna ka pipir-pipir
Aya istri jangkung alit
karangan dina pipina
Cau ambon dikorangan
Malati ka pipir-pipir
Lalaki ambon sorangan
Kuring mah teu mikir-mikir
Terong peot saboboko
Lumayan coel-coeleun
Koboy peot nongtot leho
Lumayan toel-toeleun
Terong panjang dina piring
Lumayan keur bubur beureum
Koboy begang hudang gering
Lumayan keur batur heureuy
Ketuk tilu kendang dua
Kacapi dipuger deui
Huntu tilu, ragrag dua
Kantun hiji ungger deui
Daun puring parab marmot
Marmotna ngencar ka taman
Lamun kuring pareng maot
Maot muga mawa iman
TAH NU IEU MAH FOR SOME ONE
Aya hurang dina batu
Mujaer sisi talaga
Aya batur nuju bendu
Ha te teh asa nalangsa
Cak-cak hideung dina bilik
Disada jiga siraru
Kunaon anjeun bet belik
Moal boa nya timburu
Jajan sale ka Cianjur
Nyimpang heula ka Ciuyah
Sanajan manehna manyun
Kuring mah tetep rek nyaah

slm knl teh..
Comment by parakanca — September 30, 2009 @ 11:38 am