/>

Semua Tentang Reni

June 13, 2007

WILUJENG TEPUNG TAUN

Filed under: Curahan Kalbu

Tanggal 10 Juni, ceuk beja mah ulang taun Fzouiten anu kasabaraha
kuring teu nyaho.Enya da sanajan geus wawuh lila jeung manehna aya
kana dua taunna oge, kuring teu nyaho sabaraha taun -sabaraha taunna manehna teh.
Keun we ah da eta mah teu penting.Anu penting mah manehna teh sobat di dunya maya,
anu teu puguh oge jirimna, naha siga Rahwana atawa siga Roby Sugara.
Eta ge teu penting da sanajan sakumaha kasepna oge ari di dunya maya mah moal katempo.
Nu penting mah manehna teh bageur jeung soleh kacida sanajan sakapeung mah
sok rada pikakeuheuleun Ngan tara ieuh jadi pikiran. Kuring mah nyaah we
da manehna oge sarua nyaah ka kuring. Apan urang hirup teh kudu silih pikanyaah lin?

Poe Senen tanggal 11 Juni babaturan ribut ngaririm e-mail ka manehna,
ngan kuring we nu henteu teh Lain teu hayang tapi teu kabagean komputer
jeung kaparengan kuringna oge keur riweuh ku pagawean.
Bingung puguh ge rek ngomong naon ka manehna, rek ngirim naon deuih keur kadona.
Greetting card teu bisa nyieunna bongan diajar foto shof na teu lulus.
tuluy rek nyieun animasi dina power point waktuna teu kaburu.
Laahh ku bararingung. Cik atuhnya ulang taun teh ulah dina usum kuring keur riweuh.
He..he..he.. barina oge saha anu ngaririweuhnya?

Keur bararingung kitu. lol manehna on line, nya disapa we.
Enya we meni murudul nganaha-naha. batur mah ngaririm e-mail cenah,
ari kuring hare-hare wae. Kitu da Si Kunyang mah sok babariana teh, geus puguh
kuring ge keur lieur mikiran piomongeun.

Tah ayeuna we dina blog ieu, kuring rek ngawilujengkeun ka manehna,
wilujeng tepang taun. Mugi sing apanjang apunjung, parek rejeki, berkah salamet.
Getol ibadahna, mere maweh ka sasama ( utamana mah ka abdi ) jeung jadi haji mabrur.

1 Comment »

The URI to TrackBack this entry is: http://renik.blogsome.com/2007/06/13/wilujeng-tepung-taun/trackback/

  1. si kunyang mah ultah na sanes tgl 10 juni, tapi tglna ceuk si uwa oge cenah antara tgl ultah pak soekarno jeung tgl ultah pak suharto, coba teguh tgl sabaraha?
    Gantilah eta musik jeung laguna dina blog asa bosen tiap muka blog eta wae laguna. jeung asa gandeng lah…….

    Comment by fz — June 23, 2007 @ 4:12 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>


Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Jay of onefinejay.com