AEP ISNEN, ISNEN USMAN?
Poe Senen 3 September memeh puasa, waktu kuring keur laporan
hasil rapat ka kepsek, wakasek kurikulum neang, itu cenah aya
tamu nungguan titatadi sok tepungan heula.
Menta ijin heula ka kepsek tuluy gura-giru nepungan semah,
sugan teh saha, gening Ki Sobat Kang Aep ti SMP 6 ketua MGMP
mikeun ondangan. Isukan cenah poe salasa pukul satu beurang kumpul
di SMP 6 aya pertemuan pengurus. Kuring salaku sekretaris dina
kapangurusan MGMP Bahasa Indonesia Kota Cimahi wajib hadir.
Nya diheueuhan we. Bari nanyakeun kunaon meni nya ngagogog
nya mantog atuh kang Aep teh? Ah sono we hayang silaturahmi
pokna teh. Bageur puguh ge jeung hade gawe boga sobat teh.
Caritana poe Salasa, isuk-isuk memeh indit ka sakola
kuring geus sasadu ka nu jadi salaki, yen balik pasti rada telat
lantaran rek aya pertemuan di SMP 6.
Poe Salasa mah ngajar teh rada rineh da ngan dua jam
ngan teu kuhanteu atuh Pa Dana guru PKN menta tulung
pangmeunteunkeun presentasi barudak cenah,keur lomba forto folio
di tingkat kota. Paling teu bisa kuring mah nolak pamenta babaturan.
Nya nempo heula barudak di kelas, teu karasa geus pukul 12.30.
Atuh gura-giru heula ka mushola Beres solat teh geus pukul 12.50.
Walaaahhh kana kabeurangan jigana mah. Mangkaning Si Dede
purah untar anteur ,keur riweuh nya tungtungna mah kana angkot we indit teh.
Di jalan macet, da keur meujeuhna baralik ti kantor atuh wayah kitu mah.
Teretet hp disada , Aep nelepon keur di mana cenah. Dijalan cekeng teh.
Buru! Kawas tumpak kuyawae, didagoan di cafe merdeka jln. Gatot Subroto!
Kuring reuwas, naha bet di cafe merdeka? Pan dina ondangan ge di SMP 6
gempungan teh. Ah teu loba carita, hareupeun cafe Merdeka kuring turun.
Sup asup ka jero cafe,luak-lieuk neangan babaturan,
pek teh dijuru keur ngawarangkong.
Sanggeus uluk salam, gek diuk gigireun maranehna.
Aya Pa Didi wakil ketua ti SMP 5, Pa Deni ti SMP 2 , Asep Sobur ti SMP 1,
Aep, Jeung Si Bodor Pa Isnen Usman ti SMP 10.
Jol teh dibageakeun ku saporsi paket nasi ayam tulang lunak jeung jus jeruk,
teu loba carita deker we dahar dilalajoan ku babaturan anu geus ti heula dalahar.
Marangga taringalikeun cekeng teh. Maranehna mah sareuri we,
ningali kuring cacamuilan sorangan teh.
Beres dahar, kabeh saregep ngadengekeun pupuhu biantara,
ngajelaskeun tujuan ayana gempungan. Singhoreng dana block grant
ti pamarentah keur MGMP anu gedena sapuluh juta geus turun. Eta dana
kudu sagancangna digunakeun sabab laporanana kudu buru-buru dijeun.
Nya tuntungna mah nyieun rencana we ngayakeun work shop perkara evaluasi
penilaian mata pelajaran bahasa Indonesia jeung karya tulis ilmiah.
Eta rencanana dilaksanakeun dina tanggal 28-29 Oktober nu bakal datang.
Pematerina mah ngahaja ngondang ti LPMP jeung ti Dinas Provinsi.
Kuring kapeto deui jadi sekretaris dina eta kagiatan.
Ah geus kabayang we riweuhna tapi kumaha da geuning teu bisa nolak.
Waktu kuring nulis rengrengan panitia, dina palebah rengrengan anggota
kuring nulis Aep Isnen, teu apal Aep merhatikeun. Apal teh waktu manehna protes,
eta ngaran saha? cenah. Kuring reuwas, tuluy menta dihampura
rumasa kuring salah nulis, bari diembohan ku kecap” Pira ge salah nulis Isnen
jadi Aep, meni kudu gujrud”. Na ari pok teh dijawab ku Aep,
“Ih atuda beda Aep mah kasep ari Isnen mah bau taneuh cenah.
Ger atuh sarerea sareuri. Ah dasar ari bapa-bapa geus silih kekeak
jeung pada babaturan teh meni kacida. Ayeuna keur paruasa meureunnya?
Ah wilujeng saum we ka sadayana.
