/>

Semua Tentang Reni

October 25, 2007

ISUKAN LEBARAN

Filed under: Cerpen

Seorang teman selalu bertanya, kapan aku buat cerita dalam bahasa sunda? Pertanyannya itu mendatangkan motivasi bagiku untuk mencoba menulis dalam bahasa ibu. Ini hasilnya sebuah carpon ( carita pondok atau cerpen ) rencanaku cerita ini akan dibuat tiga bagian jadi cartibag, namun sebelum dilanjutkan bagaimana komentar teman-teman tentang cerita ini, menarikkah? Kalau tidak menarik ya sudah saja sampai di sini he..he..he…( sanes pundungan mung belikan ) . Yu….. Ah Urang Baca……..

 Dulag nitir di masigit, ditakolan ku barudak ti asar mula Kiwari wanci sareupna, barudak beuki marotah, suka bungah galumbira nakol bedug ngawirahma parat nembus peuting. Allohu Akbar, Allohu Akbar Allohhuakbar, Laaillahailelelohhualloh hu Akbar allohuakbar walilahilham. Isukan lebaran.

 Isukan lebaran? Arni nanya ka dirina, ret ka gigir anakna ngageubra. "Deudeuh Kani" gerentes hate Arni.Lalaunan sirah budak diusapan deudeuh naker, budak ngulisik, nyah beunta, "Geus uih acan bapa teh Ma?" Ditanya kitu ku budak teh Arni kalah olohok. Teu karasa aya nu haneut mapay pipina Ih kalah ka ceurik, pan geus jangji dina hate moal ceurik hareupeun budak. Buru-buru Arni nyusut cipanon, tuluy imut bari ngusapan sirah budak. " Teu acan kasep, sok bobo deui we, urang pepende ku ema nya?" Budak unggeuk, bangun atoh. Haleuang Arni nembang , dipirig kacapi asih, ngawih na jemplingna peuting, mepende jimat awaking.

 Anaking jungjunan kalbu

Didoakeun siang wengi

Hidep teh sing panjang yuswa

jeung masing luhur darajat

Masing jadi jalma soleh

Cageur bageur bener pinter

Mun hidep jaga geus jangkung

geuwat gera nyiar elmu

 Keur obor engke di ahir

Tungtut elmu masing luhung

Ku indung dijurung-jurung

Budak lir kasirep ku sora indung, sare tibra bangun ayem. Ari Arni cunggelik nyorangan, dibaturan ku kabingung , inggis nyanghareupan beurang, inggis alah batan maut hinis. Kumaha nya pijawabeun mun Kani nanyakeun deui bapana. Ray, beungeut Farhan salakina nembongan, ngalangkang dina ingetan, teungteuingeun Kang Far, indit teh meni ampleng-amplengan, na teu inget kitu ka budak?

Geus opat taun Farhan salakina aya di nagara deungeun,indit jadi TKI waktu Kani umur 2 taun, ayeuna budak geus 6 taun, hayang nyaho rupa bapa tapi nu jadi salaki lir diteu reuy jurig teu beja teu carita, boro ampar ngirim duit. Arni sasat dicangcang teu diawur teh lain bobohongan. Eta oge lain teu hayang niat beberes ka lebe, ngan watir ku budak. Jeung teu hade we deuih awewe teu kuat nahan gogoda. Matak nyabar-nyabar maneh . Arni satia ngadagoan salakina. Da ceuk pikiranana, manehna ngarasa yakin Farhan teh aya keneh.

Ah, teu pira sabenerna mah anu ngajadikeun Arni ngahurun balung siga kieu teh. heueuh ceuk batur ketang teu pira teh da keur Arni mah beurat kacida. Tadi pabeubeurang basa Arni balik ti pagawean, Kani nyampeurkeun. Bangun lungse budak teh da keur diajar puasa. " Ma, ari bapa nyaah teu ka ujang?" eta budak ujug-ujug pok we ngomong kitu  " Ih nya enya atuh bageur" ceuk Arni tiba engab " Naha gening teu aya wae neang ujang? "  " Apan keur barang siar keur sakola ujang engke " " Ah, taun mangkukna teu aya, taun kamari ge henteu kadieu, sabenerna ujang teh boga bapa teu Ma?" " Nya enya atuh bageur, piraku euweuh bapa mah aya ujang anu sakieu kasepna"

" Ma ,ujang hayang jiga batur, dipangku ku bapa, jalan-jalan jeung bapa ah…mun enya ge bapa ujang aya, meureun ujang teh diogo, dipangmeulikeun momobilan jiga Cep Gani, tuluy disunatan nya Ma?"

 Arni ngagebeg ngadenge omongan budak, euleuh gening budak teh geus hayang disunatan. " Hayang disunatan ujang teh? Nya keun ke ku ema diobrolkeun ka aki" " Embung, ujang mah embung disunatan ku aki, hayang ku bapa da Jang Dudi, Jang Olih, jeung Cep Gani oge disunatanana teh dianteur ku bapana, lain ku akina. Balikna meuli momobilan!" Hing budak teh ceurik.

" Heug atuh, hayang dianteur ku bapa oge, ke ari bapa ujang uih  nya?" " Lebaran pasti aya nya Ma? Isukan pan lebaran teh nya Ma?" " Enya bageur, ke mun aya bapa, acuk saena anggo nya? " Budak unggeuk bangun atoh kacida tereleng lumpat muru babaturanana. Bada asar, torojol deui budak teh nyampeurkeun. Harita Arni keur kaprak-keprek di dapur. Enya kangaranan rek lebaran, kudu we ngueh-ngueh bae mah, era bisi aya nu nganjang, piraku teu disuguhan. Eta ge sasat maksakeun da teu sabaraha atuh gajih buruh pabrik mah. Bane we hayang nyugemakeun nu jadi anak. Da bongan diculkeun ku bapana.

 " Ma, mana gening bapa teh can kadieu wae?" Kani hariweusweus deui nanyakeun. " Ke jigana mah, bada magrib" Arni padu engab. Magrib kaliwat, parat tepi ka isa, nu didagoan weleh teu embol-embol. Barina ge ketah, na ceuk saha Farhan rek datang? Eta mah ukur kahayang Arni we keur ngabeberah budak. Boa ingeteun boa henteu Farhan mah. Ah boa geus boga pamajikan deui meureun. Arni ngagebeg, reuwas ku bayanganana sorangan, mun enya teh…teungteuingeun Kang Farhan…….. ( To be continued ) Copy right by reni. ( Plagiator dilarang icikibung! )

Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Jay of onefinejay.com