ISUKAN LEBARAN 2
Beuki peuting, sora dulag beuki ngageder, kani beuki ngageubra sarena, teu kaganggu ku sora dulag
Ngan Arni nu cunggelik sorangan teh, panon hese dipeureumkeunana. Pikiran ngacacang ka waktu opat
taun ka tukang, mangsa hirup babarengan ngambah sagara rumah tangga jeung farhan. Atuh amprokna Arni ka Farhan estu karep maranehna sorangan, euweuh nu ngareremokeun. Ngan nya kitu atuh sagala oge teu bisa jadi jaminan ayem tengtremna rumah tangga maranehna.
Sataun oleng panganten, nincak taun kadua, brol ngajuru ku Kani, teu ku hanteu atuh abongkena kahirupan lir ibarat jalan anu teu salawasna mulus. Der dodoja datang, Farhan kagoda ku Suti anak mang Juhaya. Suti kembang desa Haur Geulis nu kakoncara kurang hade laku lampahna.Ari Farhan bet toloheor, kabengbat ku Suti nu kawentar tukang ngaheroan salaki batur. Nya eta atuh abong jalama Farhan oge teu kuat nahan gogoda, hayoh nyieun masalah, nyaho pamajikan anyar ngajuru teh kalah
hayoh hahadean jeung Si Suti. Ari Si Suti mah da geus lain caturkeuneun.
Peurihna hate Arni harita geus lain caturkeuneun, asa dihianatan teh lain bobohongan, matak teu aneh,
piring, gelas,sendok ting kalayang kana tarang salakina da mun teu buru-buru istigfar mah, boa budak ge dicekek. Arni ceurik aprek-aprekan bari menta diserahkeun bakat ku teu suka salakina salingkuh, untung harita aya Wa Haji Danu, nya ku alpukahna Wa Haji, Arni bisa kapeper ambekna, teu jadi menta diserahkeunana. Ngan nya kitu ibarat gelas geus rengat, sanajan dikumaha wae oge angger we tapak rengatna natrat. Komo ninggang di Arni nu gurat batu mah, masalah eta teh hese pisan leungitna. Hese pisan bisa mopohokeun kalakuan salakina. Kajadian eta sok mindeng jadi bahan papaseaan. Farhan ge teu bisa kukumaha ngabandungan adat pamajikanana, rumasa manehna salah.
Kaparengkeun atuh Farhan teh keur nete semplek nincak semplak,dikaluarkeun ti pagawean, da eta cenah nu boga pabrik beakeun modal, antukna pausahaan kudu ditutup. Farhan ngaligeuh,kakeuheul Arni beuki kanceuh.
" Matak ge Kang, ari jadi lalaki ulah sok toloheor, matak mawa apes kana diri" ceuk Arni harita.
"Geus atuh ulah nyabit-nyabit carita anu geus lawas" Farhan nyureng asa teu ngeunah dikingkilikan wae ku pamajikan, eukeur mah eukeur manehna teh bingung ka mana kudu nyiar pagawean deui, der deuih nu jadi pamajikan negterewelang bae.
Lain nyabit-nyabit, abdi yakin urang ripuh kieu teh alatan kalakuan akang!" Arni keukeuh teu bisa balem.
" Arnisah! Cik atuh nurut ka salaki teh, ceuk aing cicing! cicing! Ulah nengterewelang wae lieur!" Farhan geus teu bisa nahan amarahna.
" Lieur dijeun ku sorangan, ari geus kieu anak urang rek diparaban naon?:
" Bere we huut" omong Farhan asal engab.
" Naon? Anak urang rek diparaban huut? Memangna anak urang teh hayam? Nurustunjung boga salaki teh, piraku anak pamajikan rek diparaban huut!" Arni beuki keuheul.
" Alusnya, ari harita mah ka si Suti sagala dibikeun, ka kongkorong, kongkorong digadekeun keur mahugi, ari ayeuna anak pamajikan rek diparaban huut! Teu sudi aing mah teu sudi!" Arni gegejret.
" Arnisah! Cik atuh carita sataun ka tukang mah ulah disabit-sabit wae! Na saha nu rek maraban ku huut? Nyaho akang teh keur lieur mikiran pagawean!" Farhan maksakeun rada leuleuy da ningali Arni geus siga maung rek neureuy kitu mah matak soak. Farhan ngahaja ngaakangkeun deui, sugan we Arni paler ambekna.
Ari Arni, teu nembalan ngan hing we ceurik bangun kanyenyerian. Kani anu harita keur anteng ulin, kagareuwahkeun ku sora ceurik indungna. Hing we budak oge milu ceurik. Ku Farhanburu-buru dipangku
dibangbrangkeun, kukurilingan tumpak sapedah butut paranti manehna indit gawe, da ngan eta-etana kabogana teh. Kungsi ketang ngalaman boga motor, ngan nya kitu, kulantaran kabengbat ku Nyi Suti
awewe pangeretan tea, manehna jadi burindil, matak pantes Arni rek ambek oge.
Ray poe, ray poe teh kahirupan karasana beuki seuseut, beuki peuheur keur Farhan mah. Kani anu ayeuna geus umur 2 taun, keur meujeuhne nalaktak jeung loba tatanya. Beuki loba pangabutuh keur tumuwuhna. Butuh gizi anu alus keur kamekaran otakna, kitu anu kabaca ku Arni jeung Farhan dina buku keur jaman maranehna sakola.
Enya da dihenteu-henteu oge Farhan jeung Arni teh kungsi ngalaman sakola sanajan ukur tepi ka smp, teu laluhur jiga batur tapi sasieureun sabeunyeureun mah, elmu ti guruna teh aya nu nerap, komo keur Arni mah da kaasup murid anu nyongcolang. Teu diteruskeun soteh bane wae teu kaduga ku modalna da gening sakola jaman kiwari mah teu bisa dibayar ku sampeu, tapi ku duit anu teu saeutik jumlahna. Matak pamohalan keur kolot Arni mah bisa nyakolakeun budak, sakitu oge Arni kaasup untung make disakolakeun tepi ka SMP sagala.
Nya bakat ku teu kuat kudu dahar sore henteu isuk, antukna dina hiji peuting Farhan waleh ka Arni rek indit jadi TKI. Sugan jeung sugan bisa ngarobah kahirupan.
" Kang , ari abdi kumaha atuh?" omong Arni harita.
" Nya, wayahna keur saheulaanan mah jauh ti akang, kade we mihape budak" omong salakina semu beurat kacida. Arni teu ngajawab, pipina juuh ku cimata. Da mun teu era ku kalalakian mah Farhan ge hayang milu ceurik tapi sakuat tanaga ditahan, inggis beuki nganyerikeun hate Arni.
Peuting eta peuting nu endah keur maranehna, peuting pamungkas keur sosonoan oleng panganten, sabab isukna Farhan rek indit. Kaasih, kapeurih, kasedih cacap jadi hiji dina peuting eta. Peting panungtung keur maranehna duaan.
Rebun-rebun Farhan indit, sanggeus wareg ngagalentoran budak nu keur tibra sare. Ari Arni nu keur nyadiakeun cai kopi diteuteup kalayan geugeut. Buukna anu galing muntang katingali kulimia keneh urut sosonoan tadi peuting, asa nambahan kageulisanana. Enya geulis Arni teh ceuk sasaha oge. Rancunit jeung ngembang cengek. Hanjakal teu kasipuh ku dunya barana. Boro kabedag dibajuan jiga batur teu kabeuli wedak-wedak acan.
Rumasa Farhan oge jadi salaki teh teu bisa nyenangkeun, kalah kungsi nganyenyeri,kuhayang nebus sagala dosana ku nyenangkeun hate Arni, matak rek indit jadi TKI oge. Farhan indit dijajap ku gupay asih, memeh indit embun-embunan Arni diseuseup geugeut naker, geus kitu mah leos we teu ngalieuk deui ka tukang, nepi ka ngaleungitna diteureuy pepedut subuh.
Allohuakbar Alloh Huakbarallohu akbar Lailahailallaaohualo huakbar Allohuakbar walillahilham. Sora takbir terus ngalanglaung, meulah simpena peuting. sorana ngageterkeun hate Arni. Hirup bagja teh keur Arni mah ukur impian, da gening nepi ka kiwari Farhan teh teu beja teu carita. ( To be continued, copy right by reni )
