/>

Semua Tentang Reni

November 9, 2007

ISUKAN LEBARAN 2

Filed under: Cerpen

Beuki peuting, sora dulag beuki ngageder, kani beuki ngageubra sarena, teu kaganggu ku sora dulag

Ngan Arni nu cunggelik sorangan teh, panon hese dipeureumkeunana. Pikiran ngacacang ka waktu opat
taun ka tukang, mangsa hirup babarengan ngambah sagara rumah tangga jeung farhan. Atuh amprokna Arni ka Farhan estu karep maranehna sorangan, euweuh nu ngareremokeun. Ngan nya kitu atuh sagala oge teu bisa jadi jaminan ayem tengtremna rumah tangga maranehna.

Sataun oleng panganten, nincak taun kadua, brol ngajuru ku Kani, teu ku hanteu atuh abongkena kahirupan lir ibarat jalan anu teu salawasna mulus. Der dodoja datang, Farhan kagoda ku Suti anak mang Juhaya. Suti kembang desa Haur Geulis nu kakoncara kurang hade laku lampahna.Ari Farhan bet toloheor, kabengbat ku Suti nu kawentar tukang ngaheroan salaki batur. Nya eta atuh abong jalama Farhan oge teu kuat nahan gogoda, hayoh nyieun masalah, nyaho pamajikan anyar ngajuru teh kalah
hayoh hahadean jeung Si Suti. Ari Si Suti mah da geus lain caturkeuneun.

Peurihna hate Arni harita geus lain caturkeuneun, asa dihianatan teh lain bobohongan, matak teu aneh,
piring, gelas,sendok ting kalayang kana tarang salakina da mun teu buru-buru istigfar mah, boa budak ge dicekek. Arni ceurik aprek-aprekan bari menta diserahkeun bakat ku teu suka salakina salingkuh, untung harita aya Wa Haji Danu, nya ku alpukahna Wa Haji, Arni bisa kapeper ambekna, teu jadi menta diserahkeunana. Ngan nya kitu ibarat gelas geus rengat, sanajan dikumaha wae oge angger we tapak rengatna natrat. Komo ninggang di Arni nu gurat batu mah, masalah eta teh hese pisan leungitna. Hese pisan bisa mopohokeun kalakuan salakina. Kajadian eta sok mindeng jadi bahan papaseaan. Farhan ge teu bisa kukumaha ngabandungan adat pamajikanana, rumasa manehna salah.

Kaparengkeun atuh Farhan teh keur nete semplek nincak semplak,dikaluarkeun ti pagawean, da eta cenah nu boga pabrik beakeun modal, antukna pausahaan kudu ditutup. Farhan ngaligeuh,kakeuheul Arni beuki kanceuh.

" Matak ge Kang, ari jadi lalaki ulah sok toloheor, matak mawa apes kana diri" ceuk Arni harita.
"Geus atuh ulah nyabit-nyabit carita anu geus lawas" Farhan nyureng asa teu ngeunah dikingkilikan wae ku pamajikan, eukeur mah eukeur manehna teh bingung ka mana kudu nyiar pagawean deui, der deuih nu jadi pamajikan negterewelang bae.
Lain nyabit-nyabit, abdi yakin urang ripuh kieu teh alatan kalakuan akang!" Arni keukeuh teu bisa balem.

" Arnisah! Cik atuh nurut ka salaki teh, ceuk aing cicing! cicing! Ulah nengterewelang wae lieur!" Farhan geus teu bisa nahan amarahna. 

 " Lieur dijeun ku sorangan, ari geus kieu anak urang rek diparaban naon?:
" Bere we huut" omong Farhan asal engab.

" Naon? Anak urang rek diparaban huut? Memangna anak urang teh hayam? Nurustunjung boga salaki teh, piraku anak pamajikan rek diparaban huut!"  Arni beuki keuheul.

 " Alusnya, ari harita mah ka si Suti sagala dibikeun, ka kongkorong, kongkorong digadekeun keur mahugi, ari ayeuna anak pamajikan rek diparaban huut! Teu sudi aing mah teu sudi!" Arni gegejret.

 " Arnisah! Cik atuh carita sataun ka tukang mah ulah disabit-sabit wae! Na saha nu rek maraban ku huut? Nyaho akang teh keur lieur mikiran pagawean!" Farhan maksakeun rada leuleuy da ningali Arni geus siga maung rek neureuy kitu mah matak soak. Farhan ngahaja ngaakangkeun deui, sugan we Arni paler ambekna.

 Ari Arni, teu nembalan ngan hing we ceurik bangun kanyenyerian. Kani anu harita keur anteng ulin, kagareuwahkeun ku sora ceurik indungna. Hing we budak oge milu ceurik. Ku Farhanburu-buru dipangku
dibangbrangkeun, kukurilingan tumpak sapedah butut paranti manehna indit gawe, da ngan eta-etana kabogana teh. Kungsi ketang  ngalaman boga motor, ngan nya kitu, kulantaran kabengbat ku Nyi Suti
awewe pangeretan tea, manehna jadi burindil, matak pantes Arni rek ambek oge. 

Ray poe, ray poe teh kahirupan karasana beuki seuseut, beuki peuheur keur Farhan mah. Kani anu ayeuna geus umur 2 taun, keur meujeuhne nalaktak jeung loba tatanya. Beuki loba pangabutuh keur tumuwuhna. Butuh gizi anu alus keur kamekaran otakna, kitu anu kabaca ku Arni jeung Farhan dina buku keur jaman maranehna sakola.

Enya da dihenteu-henteu oge Farhan jeung Arni teh kungsi ngalaman sakola  sanajan ukur tepi  ka smp, teu laluhur jiga batur tapi sasieureun sabeunyeureun mah, elmu ti guruna teh aya nu nerap, komo  keur Arni mah da kaasup murid anu nyongcolang. Teu diteruskeun soteh bane wae teu kaduga ku modalna da gening sakola jaman kiwari mah teu bisa dibayar ku sampeu, tapi ku duit anu teu saeutik jumlahna. Matak pamohalan keur kolot Arni mah bisa nyakolakeun budak, sakitu oge Arni kaasup untung make disakolakeun tepi ka SMP sagala.

Nya bakat ku teu kuat kudu dahar sore henteu isuk, antukna dina hiji peuting Farhan waleh ka Arni rek indit jadi TKI. Sugan jeung sugan bisa ngarobah kahirupan. 

" Kang , ari abdi kumaha atuh?" omong Arni harita.

 " Nya, wayahna keur saheulaanan mah jauh ti akang, kade we mihape budak" omong salakina semu beurat kacida. Arni teu ngajawab, pipina juuh ku cimata. Da mun teu era ku kalalakian mah  Farhan ge hayang milu ceurik tapi sakuat tanaga ditahan, inggis beuki nganyerikeun hate Arni.

Peuting eta peuting nu endah keur maranehna, peuting pamungkas keur sosonoan oleng panganten, sabab isukna Farhan rek indit. Kaasih, kapeurih, kasedih cacap jadi hiji dina peuting eta. Peting panungtung keur maranehna duaan.

Rebun-rebun Farhan indit, sanggeus wareg ngagalentoran budak nu keur tibra sare. Ari Arni nu keur nyadiakeun cai kopi diteuteup kalayan geugeut. Buukna anu galing muntang katingali kulimia keneh urut sosonoan tadi peuting, asa nambahan kageulisanana. Enya geulis Arni teh ceuk sasaha  oge. Rancunit jeung ngembang cengek. Hanjakal teu kasipuh ku dunya barana. Boro kabedag dibajuan jiga batur teu kabeuli wedak-wedak acan.

Rumasa Farhan oge jadi salaki teh  teu bisa nyenangkeun, kalah kungsi nganyenyeri,kuhayang nebus sagala dosana ku nyenangkeun hate Arni, matak rek indit jadi TKI oge. Farhan indit dijajap ku gupay asih, memeh indit embun-embunan Arni diseuseup geugeut naker, geus kitu mah leos we teu ngalieuk deui ka tukang, nepi ka ngaleungitna diteureuy pepedut subuh.

Allohuakbar Alloh Huakbarallohu akbar Lailahailallaaohualo huakbar Allohuakbar walillahilham. Sora takbir terus ngalanglaung, meulah simpena peuting. sorana ngageterkeun hate Arni. Hirup bagja teh keur Arni mah ukur impian, da gening nepi ka kiwari Farhan teh teu beja teu carita. ( To be continued, copy right by reni )

 

7 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://renik.blogsome.com/2007/11/09/isukan-lebaran-2/trackback/

  1. Subhanallah.. carita keluarga meuni nyentuh pisan bu. Hapunten nembe ngalongok ayeuna bu :D . Pendapat abdi sami sareng uwa Fz, endingna mendingan di happy keun bu.. hehehe supados makin dalem caritana.. Semangat nya bu.. di antos karya salanjutna ;) Salam Baktos

    Comment by iis tea — November 2, 2007 @ 11:15 am

  2. Aeh eta aya neng IIs kamana tos lami tara katingal online. Enya lah mendingan di happy endingkeun carita iyeu ameh bahagia keur sarerea, ulah matak jadi pipanyakiteun lah, geus puguh kahirupan di dunya nyata loba kasediheun atuh dina carita..bisa ngabagjakeun para pembaca sanes kitu bu Reni? tuh tos sabaraha urang mere saran jadi carita happy ending?..geus lah bere ahirna kabagjaan keur Arni jeung Kani…karunya uwa mah….he he he….sok sina insaf si farhan tepi ka bisa ngabagjakeun anak pamajikan…..ameh jadi contoh ka para TKI nu boga watak siga si farhan maranehna jadi harayang arinsaf kulantaran dibere conto tina carita iyeu….good luck

    Comment by uwa Fz — November 2, 2007 @ 8:25 pm

  3. Stttt….. teu kenging mangaruhan pangarang pamali, matak kandeg dijalan ke nyeratna, pan tanjaten langkung pikasediheun ka anu macana, kitu oge ka Pangarangna….
    Teh… deuh tos karaos ngagulusur ayeuna mah, caritana tos langkung ngabentuk, margi latar caritana tos jelas. Mung eta angkatna Farhan janten TKI ten mani siga anu gampil pisan, wengi nyarios subuh miang….. Be patient& calmly..!!! teu kenging gurung gusuh, keun we anu tos nyarios masalah ENDING mah tos dipirosea, tong janten bangbalu kana manah, anggap we sabage gogoda, model Suti anu ngagoda kana katenangan rumah tangga Arni & Farhan. HEHEHE…. terus maju pantang mundur…
    KAngge nyumangetan, kuabdi dikintun puisi lawas:

    Jejak KAKI

    Bunga Ros mana yang tak berduri?
    wahai kawan.

    bagi yang tahu tentang kehidupan
    bunga teratai mekar dalam genangan air berlumpur

    Percikan api pun bisa menebar
    dari tetesan embun di pagi hari

    Gibson, Babakan Sophia, 23 Desember 2002

    Hatur nuhu, punten.

    Comment by Gibson — November 3, 2007 @ 4:11 am

  4. Haturan Neng IIs wilujeng sumping,hatur nuhun parantos rurumpaheun nganjang kana blog ibu, kantenan bari ngintun komentar mah meni asa kagunturan madu, insyaalloh ieu carios urang teraskeun deui sakumaha pamundut rerencangan sadayana,
    mudah-mudahan wae tiasa nyugemakeun sakumaha kahoyong si uwa, teh neni, teh dini, kang Gibson sareng nusanesna. Atuh kanggo Kang Gibson, hatur nuhun deuih kana komentarna. Muhun Kang ku abdi diimeutan deui teh aya bagian carios anu kirang cop kana hate, asa rusuh kitunya, insyaalloh urang ropea deui, teras eta deuih ku masihan puisi aduh meni sae kitu eta puisi abong penyair si akang mah, meni nyerep kana lelembutan, nyaan matak masihan sumangetna, hatur nuhun kang.Doakeun abdi nya sing dipasihan kakiatan neraskeun carios ieu kalayan henteu nguciwakeun pembacana.

    Comment by reni — November 7, 2007 @ 3:39 am

  5. Cep Gibson sigana mah penulis teh ingin membuat kejutan ka Arni. Tentu di Indonesia mah sagala urusan teu babari, komo bari jeung sagala kudu di sogok mah. Tah sigana mah waktu Farhan ngajual motor jeung ngagadekeun kongkorong teh keur nguruskeun surat2 gawe jadi TKI, sanes keur mahugi si Suti, piraku jelema teu boga wani2 mahugi aww selingkuhan bari jeung jujualan sagala, ah teu merenah, ceuk abdi mah…punten ah tos wantun nyanyahoanan pengarang, atuda enya meni babari kitu peuting nyarita rek ka LN isukna geus bisa jung…….sanes kitu?………he he he….

    Comment by uwa Fz — November 12, 2007 @ 9:55 pm

  6. Dongong saha teh ieu teh? rame pisan….usum huut kitu ayeuna teh? hehehehhe…siplah bagus pisan

    Comment by roni — November 13, 2007 @ 6:10 am

  7. Mana terusan nana iyeu carita teh?

    Comment by si kunyang — December 22, 2007 @ 6:00 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>


Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Jay of onefinejay.com