ISUKAN LEBARAN 3
Di jero kareta Saemasul, hiji lalaki diuk sisi jandela. Panonna anteng neuteup ka luar. Kyong Bu geus kaliwat, teu lila reg kareta teh eureun di Chung Yang, jrut si lalaki turun, teu sirikna gura-giru lumpat ka luar peron muru taksi.
Supir taksi bangun surti, biur ngalumpatkeun mobilna ka kulonkeun muru bandara internasional Seaul. Sapaparat jalan hate si lalaki marojengja, teu genah cicing hayang gera tepi ka bandara.hayang gera biur ngapung ka jomantara. Duh ieu hate meni asa hayang gera gok panggih, kunaon atuh beungeut anak pamajikanana teh kokolebatan wae?
Pileuleuyan walungan Han, pileuleuyan kembang samon nu mayakpak laligar di Gyeongju, pileleuyan. Ti mimiti poe ieu kuring amit arek mulang enya bisi, bisi kuring tuluy mulang, mulang ka lembur karang pamidangan. Nya poe ieu urang pileuleuyan. Kitu ceuk dina jero hatena.
Si lalaki noroweco terus dina hatena, bari panon mah anteng meuteup jalan nu asa kacida panjangna. Padahal biasana mah teu kitu asa sabiasa we da unggal waktu oge kaliwatan. Na ari poe ieu bet beda tisasari. Enya sabenerna mah geus dua minggu manehna guling gasahan, teu genah sare teu genah cicing. Ingetan kumalayang ka nu di lembur. Breh beungeut pamajikanana jeung anakna piligenti nembongan. Jiga kumaha nya anakna ayeuna enya mun aya keneh dikieuna. Seredet hatena asa aya nu nurihan, peurih lir diturihan ku hinis, 4 taun lain waktu sakeudeung keur ngarobah sagalana, kaasup hirup manehna.
Opat taun manehna apruk-aprukan di lembur batur, estu loba pisan carita hirup nu kaalaman ku manehna. Asa ngalangkang dina ingetan, munggaran manehna indit ti lembur, niat jadi TKI. Aras-urus surat kolu ka kudu ngajual sapedah butut jeung tanah sacangkewok titinggal kolotna, eta ge teu bebeja ka pamajikanana mah, angkanan teh keun we geus hasil ge sabatae kagantian deui.
Tilu bulan aras-urus susuratanana oge, kitu we rerencepan. Matak kacipta keneh ngajenghokna pamajikanana waktu manehna waleh rek indit jadi TKI. Pamajikanana teu bisa kukumaha iwal ti pasrah da sanajan hatena teu mikeun ge, geus lain bolaykeuneun ari tinggal jung mah.
Si lalaki teh ngaranna Farhan. Manehna ngarenghap panjang dadana karasa eungap waktu manehna inget kumaha pait peuheurna hirup di nagara deungeun.Harita ge mun teu teu dipangaruhan ku Kandi mah sobat ulinna ti leuleutik anu mukim di Arab, sigana boro-boro hayang ka luar ti lembur. Enya harita teh Kandi balik heula ka lembur tuluy amprok jeung Farhan, nya waleh we Farhan teh ka kandi perkara bangbaluh hirupna. Ku Kandi dibere saran, milu we cenah jeung manehna ari hayang ngarobah kahirupan mah, malah urusan susuratan ge Kandi nu manguruskeun.
Mimiti pisan mah Farhan digawe di Arab saudi jadi tukang kebon di Juragan Al Fayed di Dubai. jalma beunghar pamajikanana ge opat. Ngan edas galakna moal aya. Meunang sataun dikontrakna teh tapi can ge sataun Farhan kamusibatan dituding ngajinahan pamajikan AlFayed anu kaopat. Teuing kumaha mimitina manehna bet dituduh kitu. Onggeng-onggengan susumpahan oge ku si arab teh teu dipercaya, antukna Farhan dijagragkeun ka pangadilan. Mun teu bisa mere bukti dina jero tilu bulan, Farhan bakal ditibanan hukum rajam tepi ka maot. Bari ngadagoan bukti, Farhan kudu cicing di jero bui.
Farhan ceurik di jero bui, dunya asa poek mongkleng teu kacipta ti anggalna make kudu ngajaran dibui sagala. Gening kitu hukum di Arab mah, beda pisan jeung hukum di Indonesia. rek menta tulung menta tulung ka saha da teu boga baraya.Kungsi eta oge Kandi neang, jangji rek nulungan kucara ngumaha ka kedutaan Indonesia.
Aya eta oge nu datang ti keduataan teh, cenah mah rek dibereskeun secara diplomatik jeung pamarentah Arab Saudi tapi bet pleng les teu embol-embol deui. Tungtungna Farhan ukur nunggu nasib nu rek tumiba ka dirina. Enya asa euweuh hargaan jadi bangsa Indonesia di nagara deungeun. teu jiga basa aya urang Inggris maehan urang Arab da meni tumplek atuh para pejabat kedutaan Ingris tarurun, tuluy menta ka pamarentah Arab Saudi supaya wargana di ekstradisi wae kanagarana. Jadi masalahna bisa disidangkeun make hukum di nagarana. Eh…da teu kungsi lila si urang Inggris teh dibebaskeun.
Ari Farhan, panon celong, awak kuru balas disiksa unggal poe nepi ka dina hiji poe mah manehna geus teu kuat nandanganana. Farhan ceurik tengah peuting, hate muntang ka nu kawasa. Pek teh teuing nyawa teu ngaboga-boga, mun enya takdir manehna kudu maot alatan difitnah batur, nya teu bisa majar kumaha meureun geus kitu kuduna takdir diri bagja awak. Ngan hiji nu dipenta ka nu Kawasa teh mihape anak jeung pamajikan di lembur anu geus ampir dua taun ditinggalkeun, teu beja teu carita. Geus kitu mah Farhan longsong nyanghareupan poe isuk.
Kersaning Gusti, tilu poe ti harita, torojol Kandi mawa beja pikabungaheun. farhan bakal bebas cenah sabab bukti geus aya. horeng anu ngajinahan pamajikan Al Fayed teh supirna sorangan jeung lain ngajinahan deuih da sarua purunna. Ayeuna si supir teh geus kacerek ku Kandi sabalad-balad malah make jeung disiksa sagala supaya ngaku. Ah Farhan teu hayang ngadenge dongengna, nu penting mah manehna hayang gera bebas.
Alhamdulillah dina sidang anu katilu manehna dibebaskeun, Farhan teu sirikna sujud syukur ka Nu Maha Agung. Kaluar ti pangadilan digondeng ku Kandi dibawa ka imah dunungan Kandi anu kabeneran bageur pisan. Matak watir awakbegung jeung barau da di penjara teh arang panggih jeung sabun. mandi ge kitu we dibanjur ku selang ti luar estu jiga ka anjing budug wae.
Barang tepi ka padumukan Kandi, anu pangheulana ditanyakeun teh beja ti lembur tapi Kandi kalah gideug, geus tujuh surat euweuh balesan. Farhan ukur ngaheruk.
" Geus Han, ulah dipikiran, mending oge pulihkeun heula awak, keun saheulaanan mah didieu heula,da dunungan oge ngidinan" omong Kandi waktu ningali Farhan ngahuleng wae.
"Nuhun, Kan, mun euweuh anjeun nasib kuring teuing kumaha. Ngan ieu hate inget wae ka lembur. Deudeuh Arni, Kani sigana maranehna arep-arepeun." ceuk Farhan ngalimba.
"Sabar Han, da usaha mah kurang kumaha, unggal nu balik ti lembur ditanya, dipihapean surat tapi weleh teu aya beja deui. Atuh urusan kuring nulungan anjeun, omat ulah jadi pikiran, pan urang teh geus asa jeung dulur" omong Kandi bari sor mikeun sagelas susu coklat ka Farhan. Farhan imut bari neuteup ka Kandi ku teuteup pinuh tumarima ka Kandi nu sasatna geus nyalametkeun nyawana.
Tilu bulan Farhan cicing jeung Kandi, kitu we sagawe-gawe. Ayeuna awakna geus lingsig deui. Manehna geus niat mun awakna geus jag-jag rek balik ka lembur moal cicing di Arab. Enya da rek naon aya di nagara deungeun oge ari ukur rek ngadon sangsara mah. Enya da dua taun aya di nagara deungeun boro-boro meunang gajih nu puguh mah kalahka difitnah batur. Boga ketah gajih 8 bulan ti Si AlFayed teh tapi nya kitu tea beak dipake aras-urus waktu sidang, da bareuki duit geuning urang Arab teh.
Teu kuhanteu atuh, piduaminggueun rek balik jol teh aya beja, pajar Desa Haur Geulis beak beresih ku lini anu kacida rosana tangka imah-imah ge rata jeung taneuh. Loba penduduk nu tiwas kaasup anak pamajikan Farhan. Eta beja datangna ti Ceu Rumi nu digawe di Tuan Fadil, tilu blok ti tempatna Kandi. Ari Ceu Rumi teh boga kolot di Haur Geulis sarta apal pisan ka Arnisah. Atuh puguh Farhan ngajenghok, tuluy ngelepek kapaehan. Inget-inget waktu diceuceuhan tarangna ku Kandi di tengah imah, dunungan Kandi ge milu riweuh.
Ti harita Farhan siga nu jauh panineungan, pagaweanana huleng jentul. Dina hiji poe mah kabeneran aya kolegana dunungan Kandi nu kabeneran keur nganjang. Manehna teh ti Korea, butuh ku tukang elas, ku kabeneran bet amprok jeung Farhan,atuh barang ditawaran teh teu sirikna disantok. Teu kitu kumaha, apan jaman keur di lembur mah kana ngelas teh Farhan mah tukangna.
Farhan geus gilig rek indit ka Korea, milu jeung Tuan Yung Han. Enya balik ge rek naon ari ukur nambah kapeurih hate mah. Kitu deui cicing di Arab,teu bararetah teuing. Manehna sok kukurayeun wae mun inget kana pangalamanana di jero bui. Nya mending miceun maneh we ka Korea. Nya biur we dibawa ku Yung Han ka Korea. Nganjrek di kota Wuwon bawahan Pusan kuloneun Kota Seoul. Hiji daerah industri nu deukeut ka palabuhan.
Nya di dinya manehna ngamimitian hirup. Teu pira ukur jadi tukang elas di pausahaan Yung Han. Boga panghasilan lain lumayan keur ukuran manehna mah da kolu nyewa apartemen sagala.
Beuki lila beuki betah hirup di Korea teh, komo da ayeuna mah geus diangkat jadi mandor. Gawena hade atuh ku babaturan dipikaresep. Nu mikaresep beuki loba sanggeus nyaho Farhan lalagasan, malah ku pagawe awewe mah teu sirikna pada ngalendean, pada ngareletan.
Aya hiji nu kapicangcam, urang Korea ngaran Kim Yung Chun. Eta kataji soteh pedah Farhan sok maling teuteup ari panggih. Di sidik-sidik teh Kim asa sarimbag jeung Arni. Camperenik, rancunit jeung ngembang cengek. Bedana teh palebah buuk. Arni mah galing muntang ari Kim mah sailaharna buuk urang Korea we panjang, hideung jeung lempeng.
Eta ku batu turun keusik naek.Kim oge jiga nu neundeun hate ka Farhan. Linggekna, imutna, keletna estu katingali pisan mere hatena. Ah teu di mana teu di mendi awewe mah kitu adatna…. Ayeuna geus ampir sataun Farhan hahadean jeung Kim.
" Far, naha urang teh rek kikieuan wae?" ceuk Kim dina hiji poe waktu maranehna balik ti pagawean.
" Kieu kumaha? ‘ ceuk farhan api-api teu ngarti.
" kuring hayang jadi pamajikan anjeun! ‘ omong Kim togmol. Farhan tangka ngagebeg bakat ku reuwas. Teu sangka Kim bet ngomong kitu.
" Kuring embung pisah jeung anjeun, kuring embung kaleungitan anjeun!’ Kim nginghak dina dadana. Farhan ukur ngahuleng bari leungeun anteng ngusapan sirah Kim. Lalaunan Farhan ngomong, " Kim, kuring oge nyaah ka anjeun, na saha nu rek ninggalkeun anjeun? Ngan perkara kudu kawin jeung anjeun eta can kapikiran sabab kuring boga kulawarga" ceuk farhan bari derekdek manehna nyaritakeun deui jalan hirupna ti mimiti indit ti lembur nepi ka harita, saeutik oge euweuh nu kaliwat ku manehna kabeh dicaritakeun ka Kim.
" Tah kitu Kim, sanajan ceuk beja, anak pamajikan kuring teh geus euweuh tapi ari can bukti mah hate teh teu bisa narima. Ku kituna kuring embung ngawin anjeun dina kaayaan hate anu can bangblas" omong farhan bari neuteup seukeut ka Kim. Diteuteup kitu ku farhan, Kim ukur ngahuleng. Enya manehna oge surti sabab lain sakali dua kali Farhan nyaritakeun pangalaman hirupna. Kim oge ngarti, ngarti pisan yen lalaki anu kacida dipicintana teh geus aya nu boga, sanajan ngan ukur carita.
" Kuring ngarti Far, teu kudu dicaritakeun deui, kuring geus apal saha diri anjeun tapi lain hartina hubungan urang euweuh kajelasan, sanajan kumaha bae oge tetep kuring menta kaputusan!"
" Enya kumaha atuh Kim? Cik kumaha ceuk anjeun? " omong Farhan semu bingung.
" Kieu we atuh Far, kumaha mun Farhan mulang heula ka Indonesia? "
" Ka Indonesia rek naon? Rek nurihan hate sorangan?"
" Ih lain, keur ngabuktikeun aya keneh henteuna anak pamajikan , ulah ukur beja ti batur!"
" Mun bener sakumaha ceuk beja?"
" NYa buru-buru Far balik deui ka Korea. Sakalian we aras-urus jadi warga nagara Korea" omong Kim tendes. " Tapi lamun anak pamajikan Far aya keneh,……" Kim teu kebat nyaritana, ngan segruk wae ceurik tuluy nyuuh kana lahunan Farhan. Ku Farhan diusapan buukna deudeuh naker bari hatena sabil antara nurut kana omongan Kim jeung henteu.
Dipikir dibulak-balik, tungtungna manehna sadar yen omongan Kim aya benerna. Ku kitu ku kieu manehna kudu kuat narima kanyataan. Naha salila ieu manehna bet leutik burih kawas lain lalaki, sieun itu sieun ieu. Kuduna manehna kuat narima sagala nu rek tumiba ka dirina.
Nya kaputusan eta anu ngalantarankeun manehna ayeuna aya di jero kapal Korea Air Lines nu keur ngapung di jomantara. Ngapak mega ngalayang di awang-awang. Geus talatah ka Kim, ku kitu ku kieu pasti manehna bakal mere beja ngan poma kudu ngahampura bisi manehna teu bisa balik deui ka Korea. Harita Kim ukur juuh cimata. Dirina beurat kacida ngaleupaskeun beubeulahan hatena.
" Attention…attention, air plane will take of, the passanger are ready to take of. The packages dont leave. thanks you" ceuk sora halimpu tina media player. Ngadadak awak Farhan asa paranas tiris. Teuing kunaon, hete ge bet ting seredet.
Hatena ngageter waktu mungggaran sukuna nincak deui lemah cai anu geus opat taun ditinggalkeun. Ka luar ti bandara manehna rikat neangan taksi. Kalacat naek tuluy diuk bangun tumaninah. Jandela taksi ngahaja ku manehna dibuka. Manehna jiga nu hayang seubeuh nyeuseup hawa lemah caina. Mobil terus maju bangun surti kana hatena nu hayang buru-buru tepi ka lemburna di Haur Geulis.
Wanci geus ngagayuh ka peuting. Hawar-hawar kadenge sora takbir ti masjid nu kaliwatan. Farhan asa kaingetan yen isukan lebaran. Lebaran? Leuh geus opat taun manehna teu ngalaman lebaran. Nepi ka teu eungeuh isukan lebaran. Paingan atuh meni rame sora takbir. Luk manehna tungkul tuluy biwirna kunyem milu takbir. Aya nu ngalembereh mapay pipina, asa ribed ku dosa awak teh. hatena ngajerit menta hampura ka nu ngayuga.
" Isukan lebaran? Arnisah, Kani naha anjeun araya keneh? Duh Gusti, mun maranehna araya keneh, pendakeun abdi jeung maranehna. Mun geus teu aya, atuh pangnuduhkeun kuburanana" kitu ceuk hatena nu keur muntang ka Nu Kawasa. Ari mobil angger nyemprung na jemplingna peuting, nyuaykeun kasimpe hate awor jeung kasono, kadeudeuh ngajadi hiji. meni asa hayang gok panggih.
